Jumat, 30 Maret 2012

Permainan anak tradisional








Permainan anak-anak tempo doeloe, yang disebut kaulinan barudak urang lembur, boleh dikata tidak dikenal lagi oleh anak-anak Bandung zaman sekarang. Anak-anak sekarang hamper semuanya sudah terbius oleh permainan elektronik, yang pada umumnya dimainkan di dalam rumah. Kemajuan teknologi permainan anak-anak dan komputer serta berkurangnya lahan terbuka telah mengubah pola bermain anak-anak di Kota Bandung.
Permainan anak-anak tempo doeloe yang kaya akan unsur imajinasi, kerjasama, dan pertemanan berpotensi untuk membentuk kepedulian sosial, kepekaan sosial, dan kecerdasan bagi sang anak menjelang usia dewasa





egrang
Jajangkungan
Permainan Jajangkungan dimainkan dengan sepasang tongkat atau galah, yang terbuat dari kayu atau bamboo. Tumpuan untuk pijakan kaki dibuat pada ketinggian 30 – 60 cm dari ujung bawah tongkat. Beberapa pemain dapat serentak memainkannya bersama-sama.Permainan ini biasa digabungkan dengan jenis permainan lain, seperti adu lari atau sepak bola.
Ada kalanya, penilaian hanya pada adu ketahanan berjalan di atas jajangkungan sambil saling menendang kaki jajangkungan lawan bermain. Pemain yang tejatuh dinyatakan kalah.









Paciwit - ciwit lutung

Permainan ini dilakukan oleh 3 – 4 orang anak, baik anak perempuan maupun lelaki. Setiap pemain berusaha saling mendahului mencubit (nyiwit) punggung tangan diurutan teratas sambil melantunkan kawih : Paciwit-ciwit lutung…,
Si Lutung pindah ka tungtung, Paciwit-ciwit Lutung…,
Si Lutung pindah ka tungtung.
Pada umumnya, tidak ada pihak yang dinyatakan menang atau kalah. Jadi, jenis permainan ini semata-mata dilakukan hanya untuk bersenang-senang dan mengisi waktu pada malam terang bulan.








Gatrik

Permainan dimainkan oleh dua orang atau dua regu yang beranggotakan beberapa orang. Alat yang dimainkan adalah tongkat pemukul terbuat dari kayu dan potongan kayu sepanjang seperempat tongkat pemukul, yang biasa disebut "anak gatrik”. Anak gatrik diletakan dilubang miring dan sempit dengan setengah panjangnya menyembul di permukaan tanah. Ujung anak gatrik dipukul dengan tongkat pemukul. Anak gatrik kembali dipukul sejauh-jauhnya ketika terlontar ke udara. Bila anak gatrik tertangkap lawan, permainan dinyatakan kalah. Bila tidak tertangkap, jarang antara lubang dan tempat jatuhnya dihitung untuk menentukan pemenangnya.








Perepet jengkol

Permainan ini dilakukan oleh 3 – 4 anak perempuan atau lelaki. Pemain berdiri saling membelakangi, berpegangan tangan, dan salah satu kaki saling berkaitan di arah belakang. Dengan berdiri dengan sebelah kaki, pemain harus menjaga keseimbangan agar tidak terjatuh, sambil bergerak berputar kea rah kiri atau kanan menurut aba-aba si dalang , yang bertepuk tangan sambil melantunkan kawih : Perepet jengkol jajahean.., Kadempet Kohkol jejereten..
Tidak ada pihak yang dinyatakan menang atau kalah dalam permainan ini. Jadi, jenis permainan ini hanya dimainkan untuk bersenang-senang pada saat terang bulan.










Oray - orayan

Permainan ini dimainkan beberapa anak perempuan maupun lelaki di lapangan terbuka. Para pemain saling memegang ujung baju bagian belakang teman di depannya untuk membentuk barisan panjang. Pemain terdepan berusaha menangkap pemain yang paling belakang yang akan menghindar, sehingga barisan bergerak meliuk-liuk seperti ular, tetapi barisan itu tidak boleh terputus. Sambil bermain, pemain melantunkan kawih :
Orany-orayan luar leor ka sawah..,
Tong ka sawah parena keur sedeng beukah
Orang-orayan luar leor ka kebon …,
Tong ka kebon aya barudak keur ngangon.








Sondah
Permainan ini pada umumnya dimainkan oleh anak perempuan. Pola gambar berbentuk kotak-kotak berpalang dibuat di tanah. Setiap pemain memegang sepotong pecahan genteng atau batu pipih, yang kemudian dilemparkan ke dalam kotak permainan. Pemain melompat-lompat dari kotak ke kotak berikutnya.
Kotak yang berisi pecahan genting tidak boleh diinjak. Pemain dinyatakan kalah jika menginjak garis kotak atau bagian luar kotak. Pemain pertama disebut mi-hiji, kedua mi-dua, ketiga mi-tilu, dan seterusnya.
Monyet - monyetan
Tamba kesel bari nungguan domba angonanana di tegal, Encu, Usup, Idan, Otik jeung Émén dariuk dina handapeun tangkal limus. "Naha euy mani asa tariiseun teuing?" cék Encu ka batur-baturna. Jeung caricing teu puguh mah mending urang nyieun kaulinan !"
"Heeh, meungpeung angonan aranteng deuih, nya?" témbal Usup. “Urang nanaonan atuh?"
"Urang momonyétan baé geura, ambéh mérés tanaga, babari juuh ku késang, séhat kana awak!" ceuk Encu. "Ah embung momonyétan mah," témbal Émén nu awakna pangleutikna. “Sieun dirangsangan, pareurih beungeut, baju saroéh. Jaba urut minggu tukang ogé digégél puhu ceuli, karasa kénéh, mani asa kumaha mah!" "Kumaha ragemna baé uing mah, rék naon, rék naon ogé, miluan!" cék Otik. "Enggeus lah momonyétan mending gé, resep!" cék Idan jeung Usup
méh bareng.



momonyetan kaulinan barudak urang sunda,blog urang sunda


Kulantaran Émén éléh sora, usulna teu ditarima. Kapaksa amum kana kahayang nu réa. "Sok saha nu sanggup jadi monyét pangheulana?" cék Encu, ngokolotan. Nu séjén ngabaretem ari ditanya kitu mah. "Manéh baé Otik nu pangheulana, nya? Kudu daék da engké pada kagiliran!" cék Encu. "Jadi lah, asal ulah tarik teuing baé ngagelang ceulina, nyeri! Jeung ngagerona kira-kira deuih, bisi uing katorékan, tuluy torék!" "Piraku teu jeung kira-kira atuh uing ogé," cék Encu. "Sok ka dieu!" Otik nyampeurkeun ka deukeut Encu, tuluy dirariung pada ngusapan leungeunna kénca-katuhu. Ceulina pada ngagelang bari bareng diparancahan, raéng! "Nyutnyét, nyutnyét si monyét kamalolé, ngahakan buah kisolé itu tiwu ieu cau pibekeleun luluncatan luluncatan na kiara kiara tujuh ngajajar lusles lusles si monyét pohona poho ka babaturanana........!" Si monyét panonna rada peureum. Tuluy diparancahan deui bari leungeunna diparencétan.
Leng, leng monyét rada katuralengan. Golédag ngagolédag. Gurinjal ngagurinjal. Blug nangkuban, terus rada nyuuh.
"Waaaw!" Encu ngagorowok tarik pisan ditompokeun kana ceuli monyét. Berebet Encu lumpat, ngejat ngajauhan monyét, cara batur-baturna anu geus ngarejat leuwih ti heula. Koréjat monyét hudang, dalugdag-daligdeug panonna beureum, buringas. Luak-lieuk, berebet lumpat tarik pisan ngudag-ngudag musuhna, bari siga satengah teu éling. Kerewek Idan katéwak. Kék ditangkeup. Gurinjal-gurinjal Idan nerÉjél ngalesotkeun manéh tina tangkeupan monyét, anu geus mimiti
pakupis nyakaran dibarung jeung cékrah-cékroh sagala rupa. Idan kadengkék pisan awakna, gebut dibeubeutkeun
"Aduh !" cenah. Kerewek ditéwak deui awakna disedekkeun kana gawir, rék digégél, teu bisa walakaya. "Euy tulungan, euy! Monyét ngamuk euy, bahaya yeuh!" Idan aduregeng teu kuat nahan hompétan monyét. Gorowok baé kokolot téh ngageroan, bari rék nulungan Idan.
"Otik! Otik! Otik! Euy manéh téh lain monyét!" Kulapés baé monyét téh ngulapes, leuleus ngalesotkeun mamangsana, gek diuk, bluk nyuuh. Gek diuk deui bari gigisik. Bray, bray, nyah panonna rada beunta, bengras. Cageur jadi monyétna sarta di ganti ku Idan, cara tadi diusapan seug diparancahan téa.



Panggalan

Papanggalan mah kaulinan atawa karesep budak lalaki anu umurna rata- rata 6 nepi ka 15 taun. Waktu ulinna ti beurang atawa pasosoré. Panggalna dijieun tina kai anu tareuas, saperti jambu batu, jambu aér, nangka, jeruk bali, jeruk garut, galinggem jeung sajabana. Supaya babari tuhur atawa garing sarta lamun panggalna keur muih bisa disada, ngahiung.
Panggalna teu béda ti jambu batu, endog meri atawa siki jambé. Dirautan dilemes-lemes ku hampelas. Sawaréh mah sok aya nu dibubut sagala rupa, mani lemes tur leucir balas ku dikosokan jeung diusapan. Disebutna panggal aseupan.
Dina palebah bujurna atawa buntutna dipaku meunang motong pepentulna supaya dempes. Aya ogé sawatara panggal nu pakuna siga kampak. Sina gepeng jeung seukeut kawas kampak. Ambéh dimana ditinggangkeun kana panggal nu batur bisa bocél atawa nepi ka beulah.
Cara muihkeun panggalna, panggal téh dibeulitan ku tali rara atawa lamak ti mimiti tungtung paku dina bujurna nepi ka lebah awakna rada kabulen kabéh. Tungtung rara téa ditalikeun sina menyendul geusan pamageuh, heug dicapit ku sela-sela jariji jeung cinggir. Hulu panggalna dicekel ku indung leungeun, ari lebah pakuna ditahan ku curuk anu katuhu. Tuluy dialungkeun rada dibeubeutkeun ka hareup kira-kira dua léngkaheun bari rada dicentok atawa dikenyedkeun. Panggal téh muih ari rarana ngarumbay tina leungeun. Lamun pareng panggalna teu muih disebutna lasut atawa paéh.
Lamun panggal nu keur muih téh dieurad tur rada diapungkeun, prak disanggap atawa ditampan, éta disebutna diunda.
Papanggalan mah tara ngahantem saban waktu tapi aya usumna. Rata- rata dina usum hujan munggaran sok aya buruan anu lening da kekebul jeung kokotorna kabawa palid ku cileuncang. Tah di nu kitu barudak sok resep nyieun kalangna téh. Ambéh atra buleudanana. Di jero kalang panggal téh dita- reundeunna. Digundukkeun ku sing saha anu rék ngadu (maén) panggal.
"Boga sabaraha hiji silaing panggalna, Jé?" omong Oyek ka Ejé.
"Ah, ngan boga sasiki uing mah," walon Ejé.
"Hih, naha atuh lain mawa sérep dua-tilu siki mah. Kumaha kéh, lamun beletak kabeneran beulah sakali jadi ditinggang ku panggal "Si Gangas". Beu- nang ngampak bieu haneut kénéh yeuh," omong Oyék bari ngénéng-ngénéng panggal ka Éjé.
"Wah, tong sombong kitu lah, kumaha engke baé prungna. Ayeuna mah acan der-der acan papanggalanana ogé. Barina ogé uing mah teu kabita ku panggal beunang ngampak téh. Sok sieun negtog kana suku, matak cilaka. Atuh mun nyeceb kana panggal batur, matak piomongeun deuih," témbal Éjé ulatna rada bangkenu.
"Tong waka paréa-réa omong, teu hadé!" cék Idris, misah. "Sok urang mimitian baé. Geus aya limaan geuning ieu téh."
Prak nyieun kalang buleud ku paku panggalna. Gedéna kira-kira sagedé cécémpéh.
"Sok atuh geura taralian panggalna!" cék Idri, ngaluluguan.
Babaturanana anu opat, Aléh, Ibo, Oyék jeung Éjé geus ngarariung buleudan téa, nurutkeun omongan Idris.
Panggalna geus dicarekel. Kari prung, medi atawa ngamimitian, "Hiji, dua, tilu........,” ceuk Idris. Ngong sareréa ngawih:


Tung - tung - brung Kali tanjung Barangbang kali parangpang Padakutik padasemprung


Bruk brak
Bulu lutung panjang rubak Ditepak tepak ku budak Padakutik padasemprung.


Breng panggalna diparuihkeun dina jero kalang téa, bareng.
Panggal Éjé paadu jeung panggal Ibo. Beletak cleng panggal Éjé ngacleng tuluy paéh. Panggal Ibo mah muih kénéh sakeudeung.
“Kapaksa euy, déwék jadi kutikna," cék Éjé.
"Keun déwék jadi mandor kutik," cék Ibo, da muihna ngan sakeudeung. Tuluy nyaksian panggal Aléh, Idris jeung Oyék anu masih kénéh maruih di jero kalang. Teu lila golépak nu Aleh paéh disusul ku nu Idris.
"Hahahahah........déwék jadi Raja," cék Oye ngagakgak bungah, sabab panggalna muih pangleletna.
"Déwék kabeneran jadi Patih, Si Aléh, Mantri nya?" cék Idris bari nalian deui panggalna.
Kutik atawa Mandor kutik kudu pangheulana muihkeun panggalna.



Arulin Di Palemburan PAPANGGALAN

Mimiti Éjé anu muihkeun panggalna téh. Ditimpah (ditinggang) ku Ibo. Panggal Ibo kabeneran teu muih. Atuh pangkatna téh kapancal ku Éjé. Panggal Ibo jadi pada nimpugan ku Mandor kutik, Mantri jeung Patih. Kabeneran anu narimpuganana ogé teu maruih. Atuh opat panggal kapaksa digundukkeun dina jero kalang, sina ngagalolér.
"Hahahah........Déwék nu mujur. Jadi Raja kudu ninggangan panggal saopat-opat. Pulen. Abong mun teu nyeceb téh. Maseuk kana panggal ma- ranéh........" Oyek bangun ujub naker.
"Tenjokeun boa aya nu bencar ku déwék," bari nyakakak bungahna leuwih ti misti. Asa aing nu pangpunjulna.
"Pek lah geura timpah. Buktikeun tah panggal déwék nu pangtengahna,"
témbal Éjé nu teu wéléh ngarasa keuheul ku Oyék.
Oyek taki-taki rék nimpah panggal nu opat téa. Koléang, beletak ........ panggal Oyék muihna tibalik. Pakuna jadi ngacung ka luhur. Geerr..... pada nyaleungseurikeun. Pada nyurakan.
"Hore aya Raja teu berek muihkeun panggal-panggal acan," ceuk Éjé asa punah kakeuheulna.
"Wah meureun baé kurang kenceng nalianana,” cék Oyék bari top kana panggalna, ditunda dina jero kalang. Pada nimpugan ku opatan.
"Karunya, nya, aya Raja turun harkatna sababaraha tahap, nepi ka nu panghandapna," Éjé mapanas Oyék.
"Keun baé da kudu pada ngasaan kagiliran jadi rahayat. Kumaha capéna jeung ripuhna nyokot panggal sorangan. Mérésan nu batur, digundukkeun dina jero kalang. Nyokot nu ngacleng jauh. Acan kudu kokorondangan ka kolong imah, jaba loba tai kotok deuih anu kacagap. Ripuh jadi Kutik mah. Teu cara jadi Raja puguh gé. Ngan kari ninggang nu batur wungkul," cék Idris.
"Heueuh jeung enyana kitu," sambung Ibo. "Keun urang angon Raja sombong téh. Urang kékéak, sina ngarasakeun."
Ari diangon téh nya éta, panggal Raja dihantem pada ninggangan sina kaluar tina jero kalang. Panggal nu ningganganana ulah nepi ka teu muih atawa paéh. Supaya nu diangonna anteng, rada lila. Lamun aya nu teu muih, éta nu kapaksa ngaganti jadi Kutikna. Ngaganti nu keur diangon.
Oyék beungeutna bareureum sabab éra pada mapanas. Katurug-turut diangonna lila deuih.
Geus kitu panggal Aléh negtog kana tatapak imah Bah Asih, atuh teu muih. Panggal Aléh kapaksa ditawan, dikerem ka jero kalang.
Beungeut Oyék kaciri rada marahmay deui da kabeneran rék nimpug, jadi
Mandor kutik.
Sanggeus pada kagiliran jadi Kutik, papanggalan téh enggeusan. Geus carapeeun.
Anu tadi rada panas, rék paraséa téh jadi rarapih deui. Da kitu biasana ari jeung babaturan mah.





Ucing beling


Wanci haneut moyan di pilemburan. Kolot-kolot awéwé-lalaki mah rariab, aya nu ka sarawah, aya nu ka karebon. Atuh kaayaan di lembur téh tiiseun da ditaringgalkeun téa. Anu aya ngan barudak nu umurna antara lima nepi ka tujuh taun, caricing di buruan bari ngarasuh adi-adina.
"Urang ucing beling, yu!" ceuk Marni ngajak batur-baturna. "Hayu!" témbal Ipah, Aah jeung Wiwi méh bareng. Bring barudak anu opatan téh néangan beling sasemplék séwang, beling piring, mangkok, cangkir, pinggan jeung sajabana nu barodas, boh dicét boh polos.
Ari geus mareunang tuluy diketrékan ku batu sina laleutik pisan.
Sesemplékan anu rada alus diarah, dijarieun kojo, hiji séwang.
Sajaba ti éta barudak téh pada néangan rokrak anu méncos tungtungna, hiji séwang deuih. Éta téh pikeun nyokél taneuh dina jero kalang anu diasupan




ucing beling kaulinan budak sunda,kampanye damai pemilu indonesia 2009



beling sabogana-sabogana, sina dikoréhan ku sing saha anu keur jadi ucingna. Ari geus saradia kakara barudak téh nangtung ngariung, kabéhna aya opatan.
"Sok leungeunna pareureupkeun, urang bilangan heula," ceuk Marni.
Barudak mareureupkeun leungeun katuhu, bari disodorkeun ka haréup.
Ku Marni dipapay dipepegan ku peureup bari ngawih :
"Plak plik plek blang bling bleng
nu katepak pandeuri ngajleng!"
"Ipah jadi ucingna!" ceuk nu séjén. “Jig geura nyumput. "
"Heug," témbal Ipah bari berebet lumpat nyumput di pongpok dapur.
"Meungpeun nya, ulah nenjo! Licik, teu kaci!” ceuk Marni.
"Jadi lah!" témbal Ipah.
Marni nyieun kalang buleud leutik di buruan.
"Sok urang di dieu baé tempat belingna! Pek nyarokél, sing buni
ngaruangna!" ceuk Marni.
Marni, Aah jeung Wiwi mimiti nyarokél taneuh, dina jero kalang téa, bus belingna diasupkeun tuluy diruang.
Geus kitu nyarokélan deui saliang séwang, lian keur ngalieurkeun, sangkan beling nu diruang dina liang nu asal teu gancang kacokél ku ucing.
"Enggeus?" sora ucing ngagero ti panyumputan.
"Encan!" témbal nu tiluan.
"Enggeus?" ceuk ucing sakali deui. "Enggeus!" walon Marni. “Sok geura ka dieu.”
Ipah jol lumpat ti panyumputan, tuluy cingogo nyanghareupan kalang, diriung ku nu tiluan.
"Pek geura koréhan!" ceuk Marni.
Rada lila ogé Ipah ngoréhan beling dina jero kalang téh bari dirariung.
Gok kana liang nu palsu, gok kana liang nu palsu.
Teu lila aya nu kacokel hiji.
"Tah beunang hiji, anu saha?" ceuk Ipah.
"Alah anu uing!" ceuk Aah, pangheulana kapanggihna.
Lamun beling anu disumputkeun geus kapanggih kabéhanana, kakara ucingna diganti ku nu belingna kapanggih pangheulana téa.
"Aah ayeuna ucing........" ceuk sareréa.
"Heeh. Heug pek nyumput, tapi ulah lalila teuing nya ngaruangna, da kesel meungpeunna!" ceuk Aah, bari léos nyumput di pipir imah.
Lila pisan barudak téh arucing-ucinganana.
Eureunna téh lamun adi-adi asuhanana kaburu careurik, atawa kolotna aya nu datang
Kaulinan Barudak Sunda Dina Wanci Burit


Ucing sumput

Lamun kabeneran saralsé, barudak anu sapantar duaan, tiluan atawa leuwih sok arulin ucing-ucingan di buruan. Ucing sumput, susumputan atawa ucing hong disebutna téh, sabab lamun budak anu keur nyumput heug kapang- gih ku ucing, ucing téh sok gentak nyebut "hong" sarta nyebut ngaran nu nyumput kapanggih téa, tuluy lumpat paheula-heula ka tempat pameungpeun- an ucing, atawa sasayangan.
Saméméh der ucing-ucingan, barudak téh sok ngariung heula narangtung deukeut pisayangeun anu ditangtukeun, upamana tangkal jeruk garut anu jadi di buruan. Mimiti dibilangan heula ku budak nu panggedéna, ditunjukan ku curuk bari dikawihan:
"Cing cangkeling
manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong
Bapa Satar buleneng........!"
"Si Ajum ucingna!" cék Didi anu ngaluluguan, lantaran waktu nyebut
"buleneng" meneran nunjuk ka Si Ajum.
"Heeh nya, Si Ajum ucingna! Pek geura meungpeun dina sayang! Sing buni meungpeunna, ulah meungpeun ayakan!" cék baturna nu séjén bari tuluy pasulabrengan nyarumput pabuni-buni, aya nu di pipir imah, di pipir leuit, di kolong imah, di pongpok dapur, di pipir kandang domba, dina sela-sela dapuran cau jeung sajabana.
"Enggeus?" ceuk ucing bari meungpeun dina deukeut tangkal jeruk téa.
"Enggeus!" témbal salah saurang nu nyumput.
Tuluy ucing téh ingkah tina sayang rék néangan anu keur nyarumput. Panonna teu weléh taki-taki bisi kapoosan, aya nu ngabongohan ngandih sayangna teu kaburu ka "hong" keun.
"Ulah baruni teuing atuh nyarumputna!" ceuk ucing nu geus rada lila kukurilingan néangan anu keur nyarumput téa, teu kapanggih baé.
imah.

"Kikirikik!" cenah, cék Si Ahya méré tangara panyumputanana di kolong


"Hong tah, Si Ahya di kolong!" cék ucing bari dongko nempo kana
palebah sora kikirikik téa. Tuluy lumpat tipaparétot muru muntang kana sayang sieun kapiheulaan ku Si Ahya.
"Meunang urang, ti heula eunteupna!" cék ucing.
"Heeh lah, déwék éléh, jaba sirah bancunur tidagor kana darurung euy!"
cék Si Ahya bari ngusapan sirahna nu nyeri.
"Kukulukuk........!" aya sora diempétkeun ti dapuran cau.
Srog ditéang ku ucing ka lebah dinya, teu lila ucing ngagorowok, "Tuh Si
Didi dina dapuran cau! Hong beunang!"
Bérébet balap jeung ucing paheula-heula ka sayang.
"Heula déwék!" cék Si Didi bari rugah-regéh, capéeun.
"Wah pinter! Tuda tarik lumpatna silaing mah!” cék ucing rumasa éléh jajatén.



 Arulin Di Palemburan UCING SUMPUT

"Sok buru-buru, téangan nu séjénna ulah ngendog atuh!" cék Didi anu gek diuk dina golodog awahing ku capé.
"Sing baruni euy nyumputna, bisi kaambeueun ku ucing! Ucingna ogé ngendog! Téang geura endogna, geus sabaraha hiji dina sayangna?"
"Cing korolok bodogol cau ucing ngokok boolna bau!
Cing gogog, digogog anjing
Ucing nagog siga rék ngising........!"
cék Si Ahya jeung Didi mapanas ucing.
"Sing awas euy éta aya ucing nyasab! Kadé euy kadé, aya ucing leuweung........!"
"Cing dul, put lér,
ucing ka kidul nu nyumput mah los ka kalér!"
"Kadé euy, kadé........!"
Rey beungeut ucing téh beureum, ambek jeung capé jigana.
Lamun nu nyarumput geus kapanggih kabéh, kakara ucing-ucinganana dijadian deui. Anu meunang balap eunteup kana sayang jeung ucing mah, genah, teu kudu milu dibilangan deui, kari nyumput baé, "dipangsiun" cenah.
Anu aréléh kaasup ucingna, ngarariung rék cingcangkeling deui. Ari geus ngarasa carapéeun kakara enggeusan.
"Beungbeung euy ah, beungbeung........!" ceuk Inoh, “Capé uing mah,”
pokna bari nepakan dada siga nu hareudang.
"Heeh urang ge, beung kahiji jadi haji........!" témbal Uta bari lumpat tina panyumputanana, maturan Inoh, gék dariuk dina golodog, ngaréndéng.
"Ah naon bet lalicik geuning, waka arenggeusan!" cék Uti anu keur jadi ucing tuluy nguriling néangan anu can beungbeungan.
"Beungbeung urang ge........!" cék Didi bari norojol ti kolong leuit.
"Beung kagenep sing salamet........! Enggeusan baé déwék ge, bongan ucingna ngendog........!" cék Ahya tina dapuran cau.
Ucing-ucinganana arenggeusan. Bari ngareureuhkeun capé barudak téh sok tuluy tingrariung deui bari ngahareureuyan ngageuhgeuykeun ucing anu pangpandeurina, raéng karakawihan:
"Saha euy ucingna?
apan éta anu keur depa.
"Di mana euy depana apan éta na sayangna. Poé Ahad sasadia
Poé Senen ngahénén di Salasa ramasbas
di Rebo rambaokan
di Kemis rambisbis poé Juma'ah bebenah
poé Saptu kakara arék ngajuru!"
"Tuh euy ucingna nyumput di juru. Jauhan, jauhan, tong digamahan bisi nyakar ngaherengan!!"
Dikarawihan kitu téh ucing mah ngan bati ambek nyedek baé nu aya, teu wanieun ngalawan ka batur-baturna, saukur némbal, "Paduli naha, barina ogé da ucing bobodoan, moal jadi ucing nyaan........!" cék ucing nu épvs méér bari lewa-lewé rék ceurik.
Lamun ucing-ucinganana waktuna nyedek ka Magrib, anu beungbeung téh sok nyebut, "Beungbeung euy, geus burit sieun disumputkeun jurig!"
"Beungbeung kadua ... sieun aya sandekala ... !"
"Beungbeung ti kolong sieun dirawu kélong .... ah geus burit........!"
Barudak téh tuluy bubar, aya nu ka carai rék bebérésih, aya nu tuluy cat ka imah heula, hayang nginum sabab halabhab.




Sisireuman

Dina awal taun limapuluhan, kuring sok heureuy kieu téh. Mangsa sok resep ngarit sabada budalan sakola di SD jeung reureuh sakeudeung. Acim, Ukar, Uju, Otih jeung Mari sobat-sobat medok dina waktu ngarit téh. Duka naon sabab musababna nu matak ieu kaheureuyan disebut sisireuman. Ari jigana mah pédah mirip-mirip kana kagotong-royongan atawa digawé babarengan, kawas sireum beureum dina taneuh garing ari manggihan bangké cacing sauted ogé sok geuwat néang baturna. Tuluy éta cacing sauted téh babarengan digarotong dibawa kana liang. Saha nu teu seunggah geura, tengah poé mentrang-mentring kudu ngatrok usrak-asruk néangan jukut kahalodoan. Ana rajeun manggih jukut nu ngémploh sajumpluk, dikepung pahibut ku genepan. Saha-saha nu rada seukeut aritna bari pinter ngaritna, nya manéhna nu gancang meunang jukut keur eusi carangka. Tapi kawegah jeung kahoréam téh bisa ilang musna kaganti ku karesep nu ngagumbirakeun. Lamun carangka kaeusian macak-macak satengahna séwang. Acim sobat nu panggedéna sok ngagegedugan.
"Urang sisireuman yu!"

gambar kalulinan urang sunda sisireuman
"Hayu!" témbal kabéhan.
"Sakeupeul séwang baé heula nya, da jukutna keur hararése dikoréhanana! Tuh teundeun wé gundukkeun handapeun tangkal cau, ambéh kaiuhan bisi aya nu elat ngaritna. Sok urang hompimpah heula, saha nu meunang jadi indungna," ceuk Acim.
Nu genepan ngariung bari nangtung, leungeun kénca nyarekel arit dikatukangkeun, leungeun katuhu dikaharéupkeun, diriungkeun, tuluy diputerkeun bari bareng hompimpah rada dikawihkeun. "Hompimpah, waliwahompimpah........!" Nu limaan dampal leungeunna bareng ditangkarakkeun ari Ukar bet nangkub dampal leungeunna téh. "Ukar indung! Ukar indung........ Hayu urang buru-buru ngagundukkeun jukutna!" Bring pasulabrengan, nu ngalér, nu ngidul néangan jukut téh, tapi teu jauh tina tangkal cau geus ditangtukeun pikeun neundeun jukut téa.
Teu lila geus jul-jol deui daratang marawa jukut sakeupeul séwang, disaksian ku "indung" sabagé mandor. Sok jukut nu sakeupul séwang téh digundukkeun dina hiji tempat anu geus ditangtukeun téa. Lamun jukut geus aya genep keupeul kaasup meunang indung, kakara si indung téh nyalingker ka nu rada buni, nyumput, néangan jukut carulang genep gagang. Anu sagagang, tungtung gagangna dicangreudkeun. Tuluy gagangna sina rarancung ka luhur. Tuluy si indung téh dirariung ku limaan. Jukut carulang téa dikaharéupkeun. "Antaré baé nya, ulah parebut nyokot carulangna!" cék indung bari ngawih, "Nyuh, nyéh, nyuh nyéh anu sunyah ngabelenyéh, pris........!" Sareréa cug-ceg nyarékel carulang anu masih dikeupeul ku indung,
sagagang séwang. Barang bray ramo indung muka, ger sareréa surak, "Horseh, Otih meunang, Otih untung, Otih ayeuna indungna........!" Otih gancang ngarawu jukut nu digundukkeun ti genepan bari pasemon marahmay. Bes, bes jukut téh di kana carangkakeun manéhna. "Ayeuna mah urang dua keupeul séwang, nya!" ceuk Otih anu kapeto jadi indung sanggeus aya milik meunang carulang nu nyangreud gagangna téa
"Jadi lah ambéh téréh pinuh........!" ceuk babaturanana bari tuluy ngararit dua keupeul séwang.
Kitu jeung kitu baé meunang sababaraha entragan nepi ka saréréa pada ngarasa jadi indung. Anu pareng mujur mindeng jadi indung, carangkana téréh muncung, rancung ku jukut. Ari nu rada naas tolombongna molongpong baé. Tapi ari dina lagu balik mah, anu meunang téh tara ieuh genah-galeuh ieu aing, sok ngadagoan heula ka nu éléh, anu terus ngadeluk kénéh ngarit, bari subat- sabet, sumprang-simpreng mantuan, minuhan carangka sakeupeul-keupeuleun, nembongkeun rasa satia kawan, solidaritas........
Méméh Asar barudak téh baralik ti pangaritan semu galumbira, aya anu nyuhun carangka, aya nu ngagandong ku pangais lalayu sekar. "Isuk mah urang di Pangjebolan ngarit téh nya!" cék Mari. "Heeh, ambéh resep sisireuman dina handapeun tangkal muncang!" jawab Otih.
"Sugan pareng........!" témbal barudak lalaki méh bareng.



Heureuy sunda



Cenah urang Sunda mah teu bisa leupas tina heureuy, sabab eta teh geus jadi sakulit sadaging. Lain urang Sunda mun teu bisa heureuy. Di mana wae, dina kasempetan kumaha wae, pasti aya heureuyna. Nepi ka ayeuna kuring teu nyaho, ku naon pangna kitu.
Dina dunya lawak nasional, pangaruh heureuy Sunda teu bisa dilalaworakeun. Sebut wae upamana grup lawak de Bodor (Abah Us us saparakanca) atawa de Kabayan (Kang Ibing saparakanca). Maranehanana bisa disebut panaratas dina ngawanohkeun kasundaan sacara nasional. Mun teu salah, De Kabayan lahir tina acara bobodoran di radio Mara Bandung. Malah nepi ka kiwari, Kang Ibing jeung Aom Kusman, dua di antara personil De Kabayan, masih pirajeunan siaran di Radio Mara.
Taun 90-an, grup bodor Sunda kungsi nyirorot pamorna, kasilih ku Srimulat, bobodoran dina nuansa Jawa. Mahabu malah, nepi ka acara-acara bodor atawa lawak dina TV didominasi ku Srimulat atawa para anggotana sacara pribadi. Basa Srimulat mimiti nyirorot pamorna, grup bodor Sunda nguniang deui. Upamana bae grup P Project, nu sanajan ngaranna make basa Inggris, tapi bobodoranana tetep nyoko dina bobodoran Sunda nuansa modern. Idiom-idiom Sunda mimiti akrab dina pentas bodor nasional. Grup anu tadina dingaranan Padhyangan ieu oge asalna tina acara bobodoran di radio Oz Bandung, Ozerba. Personilna campuran mahasiswa Unpad jeung Unpar. Sering manggung di kampus kampus di Bandung. Awal karir nasionalna dimimitian basa dikontrak ku SCTV. Ti dinya ngaran Iszur, Denny Chandra, jeung Joe saparakanca geus jadi sabiwir hiji. Nya kelompok ieu pisan nu mimiti ngagarap bodor sacara daria. Maranehanana ngabogaan sababaraha divisi pikeun ngagarap ilustrasi musik, sound effect, kostum, naskah jsb.
Kabehdieunakeun aya acara Extravaganza di Trans TV. Pamaenna didominasi ku urang Sunda. Beda ti kalolobaanana grup lawak saperti Srimulat upamana, extravaganza ngandelkeun script tur teu kaci loba teuing improvisasi. Ku sabab loba urang Sundana, grup atawa acara ieu oge karasa pisan nuansa Sundana. Basa TPI ngayakeun Lomba Lawak API (Audisi Pelawak Indonesia), loba grup lawak asal Bandung (baca: Sunda) nu katembong potensina. Malah juarana ge ti Bandung, SOS.
Nu kaitung nyongcolang ti grup SOS, aya personilna nu alus ngawih Sundana, Sule. Ngadenge gelak-gelikna Sule nembang Sunda, kuring jadi inget ka Mang Ukok jeung Mang Utun ti Jenaka Sunda (mun teu salah). Jaman kiwari geus arang pisan budak ngora nu mibanda kamampuh saperti Sule. Lian ti eta, aya Oni anu ti rupa nepi ka rengkak paripolahna nyeples Kang Ibing.
Mun nengetan hal-hal anu ditataan di luhur, asa teu salah mun urang ngarasa reueus. Urang Sunda, leupas tina sagala kahengkeranana, tetep mibanda potensi anu teu bisa dilalaworakeun. Buktina maranehanan bisa kitu teh salah sahijina ku sabab teu era ngasongkeun konsep anu nyoko dina ajeg-ajeg kasundaan. Idiom idiom ekspresi kasundaan nu dikahareupkeun ku maranehanana tetela geus jadi ciri nu mandiri, tur dipikaresep lain ku urang Sunda wungkul, tapi oge ku seler sejen.
Lamun dina dunya hiburan (dina hal ieu: lawak) urang Sunda bisa nembongkeun 'sihung', asa piraku mun dina ambahan sejen urang teu bisa kitu. Nu penting kudu aya kasadaran ti urang salaku urang Sunda, ulah nepi ka era nembongkeun jatidiri kasundaan. Tong era ngaku urang Sunda, tong era nyarita ku basa Sunda, tong era nembongkeun yen urang mibanda jatidiri kasundaan. Mun urang boga budak, ajak nyarita ku basa Sunda, wawuhkeun kana budaya Sunda. Ulah ngarasa reueus mun anak urang palahak-polohok teu ngarti basana sorangan: Basa Sunda.
Kudu hariwang mun anak urang kerung ngadenge kacapi suling. Atik maranehanana sangkan ngimpi ge mun bisa mah ku basa Sunda. Ulah ngan ukur nyalahkeun pangaruh budaya deungeun nu mahabu bari jeung euweuh tarekah ti urang pribadi pikeun ngadadasaran kulawarga sangkan panceg dina ajeg-ajeg kasundaan. Mun kabeh urang Sunda boga niat ngamumule budaya Sunda tur ngamimitian jeung prakna di lingkungan kulawargana, insya Alloh urang Sunda teh moal pareumeun obor. Mudah-mudahan.



Kaulinan Barudak Sunda Dina Wanci Burit









Sumber : Album Bandoeng Tempo Doeloe
http://sunda-blogger.blogspot.com/2009/04/sisireuman.html
http://keranaz_el_miraj.blogspot.com /08/07/09 20.58

Tidak ada komentar:

Posting Komentar