Selasa, 02 Desember 2014

Numpak Beca



Caritana, Nini mulih ti Pasarbaru hoyong numpak becak terus tatawar jeung tukang beca.




-NINI; "Jang, ka pajagalan 5.000 kersa..???"

-TUKANG BECA: "Oh.. teu tiasa!!!, 10.000 we lah...".

-SI NINI: "Alim ah, 5.000 wae... engke jalanna ku nini dituduhkeun mèh tèrèh nepi ...."

-TUKANG BECA: "Teu tiasa ni..., pami 10.000 mah mangga naek..."

Sanajan ngarasa mahal, si nini kapaksa ngèlèhan, akhirna si nini naek tumpak beca, bari kukulutus: "Nya atuh, kè mun geus nepi dibayar 10.000..."

Pas geus di jalan....

-TUKANG BECA: "palih mana bumi nini teh...?????"

-SI NINI: (cicing teu nèmbal...)

-TUKANG BECA: "punten ka palih mana jalanna ieu tèh ni..???"

-SI NINI: "Pan tadi kuring geus ngomong...mun 5.000 jalanna rek dituduhkeun..., tapi mun 10.000 mah moal dibèjaan....!!!, TÈANGAN WÈ KU SORANGAN...!!!"




- Rebo nyunda -

Tidak ada komentar:

Posting Komentar